Friday, May 19, 2017

NASÉHAT NABI SAW KA IBNU ABBAS RA

Situsai atikan anu hadé bakal bisa nyiptakeun suasana komunikasi anu akrab, Kangjeng Nabi SAW nganaséhatan Ibnu Abbas RA anu umurna 7 taunan dina tonggong onta. Posisi anu nganaséhatan aya di hareup sarta anu dinaséhatan oge aya tukangeun bari teu usak-usik dibarung ku suasana bungah nepika naséhat beurat ogé karasa hampang sarta bakal katarima jeung inget saumur-umur.

عن ابنِ عَبَّاسٍ ، قال: «كُنْتُ خَلْفَ النبيِّ يَوْماً، فَقَالَ: يَا غُلاَمُ، إِنِّي أُعَلِّمُكَ كِلمَاتٍ: إِحْفَظِ الله يَحْفَظْكَ، إِحْفَظِ الله تجِدْهُ تجَاهَكَ، إِذَا سَأَلْتَ
 فَاسْأَلِ الله، وَإِذَا اسْتَعَنْتَ فَاسْتَعِنْ بالله، وَاعْلَمْ أَنَّ الأُمَّةَ لَوِ اجْتَمَعَتْ عَلَى أَنْ يَنْفَعُوكَ بِشَيْءٍ لَمْ يَنْفَعُوكَ إِلاَّ بِشَيْءٍ قَدْ كَتَبَهُ الله لَكَ، وَإنِ اجْتَمَعُوا عَلَى أَنْ يَضُرُّوكَ بِشَيْءٍ لَمْ يَضُرُّوكَ إِلاَّ بِشَيْءٍ قَدْ كَتَبَهُ الله عَلَيْكَ، رُفِعَتِ الأَفْلاَمُ وَجَفَّتِ الصُّحُف

Shahabat Ibnu Abbas RA ngisahkeun yén hiji waktu anjeunna diboncéng ku Kangjeng Nabi SAW dina onta bari pok nganaséhatan: ”Anaking! Satemenna kuring rék ngajarkeun ka hidep sababaraha palajaran: Riksa aturan Allah tinangtu Allah bakal ngariksa ka anjeun. Riksa Allah tinangtu Allah aya hareupeun anjeun. Lamun anjeun aya paménta prak geura ménta ka Allah jeung lamun anjeun ménta tulung prak geura ménta tulung ka Allah. Kanyahokeun ku hidep, lamun seug sakumpulan jalma baradami pikeun ngadukung atawa ngamangpaatkeun anjeun pikeun hiji perkara tanwandé moal bisa ngamangpaatkeun anjeun anging ku katangtuan Allah pikeun anjeun. Jeung lamun jalma-jalma kumpul pikeun nyilakakeun anjeun ku hiji perkara tinangtu moal bisa kalaksanakeun anging ku katangtuan Allah anu geus ditangtukeun pikeun anjeun. Qolam atawa pulpén geus diangkat sarta lambaranna ogé geus garing. *** H.R. At-Tirmidzi

A. Syarah Mufrodat.
1. Kuntu kholfannabiyyi yauman hiji waktu Ibnu Abbas diboncéng ku Kangjeng Nabi dina onta faqôla bari pok nganaséhatan, ya ghulaamu: Anaking!, innie u’allimuka kalimaatin Satemenna kuring rék ngajarkeun ka hidep sababarha palajaran atawa naséhat: ihafadhillaha yahfadhka Riksa aturan Allah ulah nepi ka dirempak tinangtu Allah bakal ngariksa ka anjeun,
2. ihafadhillaha riksa Allah, tajidhu tijaahaka tinangtu Allah aya hareupeun anjeun. Idza saalta fasalillaha  Lamun anjeun aya paménta prak geura ménta ka Allah, wa idzasta’anta fasta’in billahi jeung lamun anjeun ménta tulung prak geura ménta tulung ka Allah.
3. wa’lam annal ummata lawijtama’at kanyahokeun ku hidep, lamun seug sakumpulan jalma baradami, ayyanfa’unaka bisyaiin pikeun ngadukung atawa ngamangpaatkeun anjeun pikeun hiji perkara, lam yanfa’uuka illa bisyaiin qod katabahullahu laka tanwandé moal bisa ngamangpaatkeun anjeun anging ku katangtuan Allah pikeun anjeun, wa inijtama’u ‘ala ayyadlurruka bisyaiin jeung lamun jalma-jalma kumpul pikeun nyilakakeun anjeun ku hiji perkara, lam yadlurruka illa bisyaiin qod katabahullahu ‘alaika  tinangtu moal bisa kalaksanakeun anging ku katangtuan Allah anu geus ditangtukeun pikeun anjeun, rufi’atil aqlam wa jaffatishshuhufu qolam atawa pulpén geus diangkat sarta lambaranna ogé geus garing.

B. Syarah Matan.
1. Situsai atikan anu hadé bakal bisa nyiptakeun suasana komunikasi anu akrab, Kangjeng Nabi SAW nganaséhatan Ibnu Abbas RA anu umurna 7 taunan dina tonggong onta. Posisi anu nganaséhatan aya di hareup sarta anu dinaséhatan oge aya tukangeun bari teu usak-usik dibarung ku suasana bungah nepika naséhat beurat ogé karasa hampang sarta bakal katarima jeung inget saumur-umur.
2. Aya sababaraha naséhat anu didugikeun ku Kangjeng Nabi SAW ka Ibnu Abbas RA diantarana:
a. Ihfadhillaha yahfadhka.
Imam Ashna’ani ngahartian éta kalimah ku redaksi ihfadillaha hudûdahu, wa ‘uhûdahu, wa awâmiroho wa nawâhiyahu maksudna mah kanyahokeun jeung sing wanoh kana aturan-aturan Allah SWT pakait jeung kawajiban manusia ka Mantenna kayaning shalat, shaum zakat jeung haji sarta kawajiban hadé ka sasama manusa jeung lingkungan. Jangji-jangji Allah SWT pikeun jalma nu ta’at jeung balesan Mantenna pikeun jalma nu doraka. Anu saterusna Kangjeng Nabi SAW nganaséhatan sangkan kana satiap paréntah Allah SWT sarta sabalikna kudu apal jeung ngarti kana satiap anu dilarang ku Mantenna. Lamun jalma apik jeung tarapti dina ngawangun komunikasi jeung Allah SWT tanwandé Allah SWT anu bakal ngajamin hirup éta jalma. Lamun basa al-Quran mah lâ khoufun ‘alaihim wa laahum yakhzanûn  moal rémpan nyanghareupan masalah jeung moal  mundur nyanghareupan musuh.
Ibnu Abbas RA téh putrana Al-Abbas RA paman Kangjeng Nabi SAW. Ti bubudak anjeunna nu sok nyiapkeun wudlu Kangjeng Nabi SAW sarta anjeunna ogé kungsi milu shalat berjama‘ah shalat tahajud kéncaeun Kangjeng Nabi SAW terus ku Nabi SAW dipernahkeun beulah katuhueunana. Réngsé shalat Kangjeng Nabi SAW ngusap sirah Ibnu Abbas RA bari ngedalkeun du’a: ”Allahumma faqqihhu fiddien, ya Allah cerdaskeun ieu budak sing ngarti kana agama“.
b. Ihfadhillaha tajid tujâhaka.

Imam Ashna’ani ngahartian éta kalimah ku redaksi tajidhu amâmaka, tinangtu manggihan Allah SWT aya hareupeun anjeun. Maksudna mah riksa sagala paréntah jeung panyaram Allah SWT tinangtu Mantenna anu bakal ngawal hirup anjeun. Saterusna Kangjeng Nabi SAW ngajéntrékeun naséhatna, lamun anjeun aya kahayang prak geura ménta ka Allah sarta lamun rék ménta tulung prak geura ménta tulung ka Allah. Lamun dina Q.S. Al-Fatihah mah diungkapkeun dina ayat ‘iyyaka na’budu wa iyyaka nasta’in, mung ka Allah abdi ibadah sarta mung ka Allah ogé abdi neda pitulung.
c. Jaminan Allah pikeun jalma anu ta’at.

Naséhat Kangjeng Nabi SAW anu pamungkas maparin motivasi ka Ibnu Abbas RA yén jalma anu ta’at kana paréntah Allah SWT moal bisa diganggu jeung moal sieun sok sanajan dirempug ku manusa sakulaih dunya. Lantaran salawasna aya dina panangtayungan Allah SWT. Nyakitu deui sok sanajan sakumna manusa panuju pikeun mutuskeun hiji perkara nalika Allah SWT teu ngijinan mah moal bisa walakaya. Dina tungtung éta hadis diungkapkeun ‘kalam geus diangkat sarta keretas geus garing“, ieu redaksi ngandung harti yén Allah SWT moal pahili pikeun nyatet amal soléh jeung amal salah anu dipilampah ku sakumna manusa.

3. Lamun ditilik tina élmu atikan modéren mah yén ngadidik barudak butuh situasi anu kondusif. Lamun bisa mah sawaktu-waktu ajak barudak jeung indungna rékréasi sakulawarga. Prak geura naséhatan di jero mobil bari suasana harmonis atawa ajak ka rumah-makan balakécarakan Insya Allah naséhat indung-bapa bakal dibandungan. Lantaran lamun di imah mah barudak geus séwang-séwangan arabus ka kamar bari nyarekel hapé. Mun teu kitu bapa atawa indung bari nganteurkeun budakna kana motor téh omongan sangkan disiplin shalat jeung nyaah ka baraya di sakola. Cag! ***

Wednesday, May 17, 2017

NGALAJUR NAPSU TEMAHNA MATAK CILAKA

DINA salahsahiji hadits dina kitab Musnad Imam Ahmad anu diriwayatkeun ku Abu Barzah diuningakeun, yén anu pangdipikainggis sarta nu pangdipikahariwang ku Rasulullah SAW anu bakal tumiba ka manusa, nyaéta “Fitnah Syahawat”. Nu dimaksud Fitnah Syahawat nyaéta ujian atawa cocoba ka manusa dina hal pangaresep atawa kalangenan. Anu lamun kabuktian manusa  lalawora sarta talobéh dina nyanghareupanna alias teu kuat, nya ngabalukarkeun mamala sarta karugian anu pohara pikeun dirina jeung manusa umumna. Pangandika Rasulullah SAW: “Saéstuna anu pangdipikahariwang ku Kaula tumiba ka arandika nyaéta sok sieun arandika teu kuat nyanghareupan gogoda jeung cocoba pangaresep dina énggoning minuhan beuteung, nyumponan napsu birahi sarta nganteurkeun kahayang jeung pangaresep hawa napsu nu matak kaduhung”.
Pirang-pirang jalma anu tumiba kana kacilakaan jeung karugian akibat jorok, teu apik dina barangdahar jeung nginumna. Dina ngeusian beuteungna téh dapon ngeunah ceuk létah, ngageleser ngaliwat kana tikorona.

Barangdaharna kaleuleuwihi jeung teu maké aturan. Balukarna muncul rupa- rupa panyakit dina awakna. Kitu deui pirang-pirang jalma anu ngeusian beuteungna ku kadaharan jeung inuman anu dihasilkeun tina carana anu diharamkeun ku agama; saperti tina ladang maén, korupsi, narima sogokan, rénten jeung sajabana. Nya balukarna teu jadi barokah pikeun dirina. Teu karasa ni’mat-na jeung teu bisa ngajurung laku kana hadé. Ladang ngadu dipakéna téh ngan kana nipu jeung malsu. Ladang korupsi jeung sogokan ngan mawa-mawa kana laku lampah rucah awuntah jeung méwah-méwah. Rajeun boga panghasilan paleuleuwih ngan dipaké pikeun ngalajur napsu ngumbar amarah jeung nganteurkeun kahayang birahi. Pamajikan teu cukup ku opat, ditambahan ku anu teu resmi. Ray poé ray poé anu digugulukeun ngan hiburan jeung tongtonan, anu sakapeung mah méngpar jauh tina tetekon agama. Anu dituturkeun sarta anu dijadikeun tujuan hirup ngan kabungahan saayeunaeun. Kabagjaan kaahératan mah teu jadi jugjugan.

Mémang kitu perwatek  rejeki anu dihasilkeun tina haram mah, mawana kana kariweuhan, sakapeung papaséaan, teu aya karapihan. Mun umumna jalma boga sikep hirup anu siga kitu nya saréréa bakal paboro-boro sarta balap dina ngumpul-ngumpul haliyah dunya bari teu maliré papagon agama. Paloba-loba harta, paluhur-luhur kalungguhan, paloba-loba pamajikan, parebut pangaruh. Tahta, harta sarta wanita anu jadi implengan. Munasabah mun kariweuhan anu karasa, sareukseuk téténjoan, sumpeg  pamikiran,  haté ngan ngabarungsinang waé.

Salahsawios ‘ulama anu jenengan Hatim al-Ashommi nyaurkeun kieu: “Syahwat alias seléra manusa téh umumna dina tilu perkara. Kahiji, syahwatun fil-akli, ngan resep barangdahar waé. Kadua, syahwatun fil-kalam, ngan resep nyarita waé. Katilu, syahwatun fin-nadlar, ngan resep tungula tingali waé alias resep lalajo. Kusabab kitu, sengker tilu rupa anu tadi ku aturan agama, bisi kaleuleuwihan anu temahna matak cilaka. Nyaéta mun resep barang dahar, tahan seléra barangdahar éta ku cara ngan ngadahar anu halal tur toyyib dzatna jeung halal cara ngahasilkeunana. Anu resep nyarita waé, sengker pangaresep cuam-caem omonganna ku kajujuran. Ulah wani nyaritakeun batur, ngabohong, caritaan nu cawokah, jorang, sarta singlar caritaan anu kasar, resag anu matak nyentug, nganyerikeun haté batur. Kitu deui anu karesepnana ngan kana tunja-ténjo waé, sengker kalakuan anu siga kitu téh ku cara ‘Ibrah. Nyaéta ulah sok gancang kabitaan, jeung ulah sok géhgéran naon anu katénjo hayang nurutan. Tapi talungtik untung rugina, sarta perhatikeun balukarna atawa akibatna, larapkeun kana diri, kira-kira aya mangpa’atna atawa teu aya. Sarta kudu bisa nalipak manéh, sabab hiji perkara anu alus katénjona dilakukeun ku batur, pikeun dirina mah can puguh.

Insya Allah ku datangna bulan Ramadhan, sarta ku shaumna, kaom muslimin bisa ngalatih dirina meuseuh warugana, ngalelempeng tujuan hirupna, sarta ningkatkeun kaati-atianna. Salian ti éta bisa ngungkulan sagala gogoda syahwatna. Sarta tinangtu bakal ngahontal darajat katakwaan anu pangluhurna, lamun ngalaksanakedun ibadahna nyoko kana aturanana. Nyaéta ihlas jeung kaimanan anu jadi pangjurung sarta jugjuganana, nyunnah dina prakték ngalaksanakeun ibadahna.  Sabab hikmah tina ibadah shaum téh utamana sangkan bisa boga kakuatan iman pikeun nyengker sarta ngadalian hawa napsu anu ngagedur, nahan amarah angkara murka. Mugia Allah SWT, nyubadanan kana paneja urang sadayana. Aamiin ya  Mujibassailin. ***
Ku Drs.H.Ahmad Daérobby, M.Ag.

Friday, May 12, 2017

MASIH RÉK NUNDUTAN?

Hé jalma-jalma anu ariman, upama digero pikeun ngalaksanakeun shalat Jum’at, nya kudu gura-giru pikeun éling ka Allah jeung tinggalkeun jual-beuli. Kusabab hal éta téh leuwih hadé pikeun aranjeun lamun aranjeun ngalarti. (Q.S. Al-Jum’ah: 9)
Allah SWT ngagero ka sakumna jalma anu iman sangkan datang nyumponan panggero. Satungtung iman masih nyangkaruk dina qolbu, nagncik dina ati, pasti datang nimbalan panggero. Gedé jeung leutikna iman anu ngancik moal bisa ditebak lantaran sipatna abstrak. Tapi bisa katénjo tina réspon kana panggero. Lamun gura-giru datang kalawan sumanget tur parigel nimbalan, tétéla éta iman keur mangprang. Tapi lamun talangké satengah haré-haré, tétéla éta iman téh héngkér.
Nimbalan Juma’ahan lain rék ngadon leleson tina pakpikpekna pagawéan, diuk  bari nyarandé tuluy nundutan, komo nepi ka ngimpi, tapi rék gawé atawa amal anu amalna kacida istiméwana. Lain rék  ngadon uplek ngobrol ngalor-ngidul teu puguh judul teu maliré imam anu keur khutbah. Lain nyumponan oganan papada urang, tapi oganan ti Allah SWT. Nitah jempé kanu ngadon ngobrol nalika imam keur khutbah ku Rasulullah SAW disebut lagho. Abdullah bin Umar nyebat himar kanu ngadon ngobrol tur nyebut lagho alias kosong molongpong teu meunang pahala kanu nyarék jempé.
Amalan dina ibadah Jum’ah teu loba sarta teu lila, ukur shalat jeung khutbah atawa ngaregepkeun khutbah. Ibadah Jum’ah nitah ninggalkeun ibadah ghoir mahdhoh nyumponan ibadah mahdhoh. Piraku ibadah ghoir mahdhoh sarigep tur parigel, ari ibadah mahdhoh talangké jeung babari pegel. Tétéla upama kitu mah iman téh héngkér.
Diantara kaistiméwaan amal dina ibadah Juma’ah téh nyaéta: Kahiji, aya pangampura dosa, saperti:

Rasulullah SAW ngadawuh: Teu mandi hiji jalma dina poé Juma’ah, beberesih kalawan maksimal, maké minyak seungit anu aya di imahna tuluy kaluar bari teu misahkeun (ngaganggu) diantara dua urang, tuluy shalat sakuatna, tuluy ngaregepkeun nalika imam khutbah, iwal ti pasti bakal dihampura dosana antara éta Jum’ah. Dina riwayat Muslim: jeung ditambah tilu poé. Riwayat Ahmad: Maké pakéan anu pantes.
Satiap jalma tangtu moal bisa bébas tina dosa. Kukituna mangpirang-pirang ibadah anu disyare’atkeun sajaba bisa nambah pahala pleus jadi kifarat dosa kaasup ibadah Juma’ah. Dosa anu dilakukeun salila sapuluh poé ku Allah SWT bakal dihampura asal manjing saratna.
Kadua, disadiakeun pahala anu gedé.

Rasulullah SAW ngadawuh: Singsaha mandi dina poé Juma’ah saperti mandi janabah, tuluy indit Juma’ah, nya saolah-olah inyana qurban ku onta anu badag. Nu indit dina mangsa kadua saolah-olah inyana qurban ku sapi. Nu indit dina mangsa katilu saolah-olah inyana qurban ku domba anu ranggaék tandukna. Sing saha anu indit dina mangsa kaopat saolah-olah kurban ku hayam. Sing saha anu indit dina mangsa kalima saolah-olah kurban ku endog hayam.
Ibadah qurban mafhum lumaku sataun sakali. Kanyataanana masih loba anu can mampuh qurban. Antukna sagedé kumaha baé gedéna domba atawa sapi anu dipeuncit, diwewejét dimutilasi dikunyit-kunyit lantaran bisi teu mahi. Nepika daging geus dibungkus dibongkar deui lantaran jumlahna teu nyumponan. Dina mampuhna ogé paling hiji dombaeun, arang sapi ku sorangan. Nu teu mampuh kurban tiap taun teu kudu leutik haté, anu penting tetep boga sumanget hayang kurban. Carana bisa ku nyéngcéléngan sajeroning sataun. Sakali deui lamun enya boga sumanget hayang kurban. Tapi sanajan kitu Allah SWT nyayagikeun pahala qurban dina tiap poé Juma’ah. Nya dina kanyataanana mémang aya anu bisa qurban ti mimiti ku onta nepi ka ku endog dumasar kana katerangan ti Rasulullah SAW, tapi aya ogé ngan ukur bisa nyumponan Juma’ahan teu manjing qurban sok sanajan sasiki endogeun. Datang Juma’ahan bisa jadi indikasi ayana sumanget hayang kurban. Lamun kurban sataun sakali teu mampuh malah datang Juma’ahan ukur kabeurangan, tétéla euweuh sumanget hayah kurban. Nu parna nyumponan Juma’ahan waé henteu lantaran datang ukur nundutan atawa ngadon ngobrol.
Katilu, aya sa’atul ijabah:                                  

Rasulullah SAW ngadawuh: Dina poé Juma’ah téh aya hiji waktu anu upama hiji hamba muslim  neneda (ngadu’a) hiji perkara ka Allah bari inyana ngadeg shalat kalawan pas dina waktu anu dijangjikeun, iwal ti pasti Mantenna bakal nyumponan du’ana. Salajengna ngaisaratkeun ku pananganana yén éta waktu téh kacida singketna.
Sa’atul ijabah hartina waktu diijabahna du’a. Ieu katerangan méré motifasi anu sakuduna digunakeun ku sakumna kaum muslimin pikeun ngadu’a dina tiap waktu utamana nalika shalat. Datang ka masjid bari tanginas lain tuluy ukur diuk tapi mangpaatkeun pikeun shalat intidhor saméméh imam khutbah bari lobakeun ngadu’a.
Kaopat, berjama’ah anu dipikacinta ku Allah SWT:

Rasulullah SAW ngadawuh: Saéstuna shalat duaan (berjama’ah) éta leuwih hadé batan shalat sorangan. Shalat tiluan éta leuwih hadé batan duaan. Beuki loba jama’ahna, éta leuwih dipikacinta ku Allah SWT. Jeung saéstuna jajaran (shaf) kahiji seperti jajaranna para malaikat.
Nepi ka kiwari shalat Juma’ahan umumna can bisa diéléhkeun dina palebah euyeubna jama’ah anu berjama’ah batan shalat-shalat fardlu lianna. Kukituna ngahontal kacinta Allah SWT leuwih gedé luangna batan ku shalat berjama’ah dina shalat fardlu lianna.
Tah éta diantara istiméwana shalat Juma’ah. Piraku urang masih rék nyapirakeun kénéh kana ieu amalan?

Juma’ahan ulah sakadar dianggap rutinitas mingguan, tapi kudu dijadikeun upaya pikeun ningkatkeun kualitas jeung kuantitas iman, ilmu jeung amal shaléh. Ibadah Juma’ah mangrupa métoda Ilahiyyah pikeun ngaronjatkeun harkat jeung martabat umat. Lamun sakumna kaum muslimin boga kasadaran ngeunaan pentingna ieu amalan, urang yakin pasti kualitas umat Islam dina sababaraha hal bakal terus ngaronjat. Kualitas jeung kuantitas kaimanan, kaséhatan, kabersihan, kadisiplinan, kaélmuan sarta kakompakanana. Tapi lamun Juma’ah tetep ukur dianggap rutinitas mingguan, datang sangeunahna, diuk ngadon ngobrol atawa nundutan sagenahna, nya saendengna ogé tetep bakal jiga kieu moal aya parobahan. Naha masih kénéh rék nundutan? ***

Nu Nyerat : Ridwan Mansur

HANTANG-HANTUNG HANTIGONG HANTRIWELI

JUDUL tulisan ieu téh minangka salah sahiji paribasa Sunda anu hartina kurang leuwih “Hadé rupa hadé tagog tapi taya araheunana”. Ieu téh gambaran ti jalma anu boga kayakinan jeung cara mikir yén kamulyaan téh ayana dina awak, fisik atawa materi. Kukituna anu jadi prioritas jeung udagan hirupna nya moal jauh tina urusan bungkus kulit, eusi peujit jeung solobong sirit.

Golongan jalma kieu téh kaciri loba pisan dina poéan lebaran kamari. Urang-urang Islam paboro-boro tipoporosé paginding-ginding awak dipolés ku sagala rupa anu sarwa anyar. Ti mimiti baju, calana, sapatu, motor, mobil anyar jeung réa-réa deui. Ngan henteu wé ari pamajikan anyar mah. Malah nepika ngabélaan nganjuk ngahutang. Pikeun jalma anu ngagem aliran materialisme atawa anu biasa hirup dina hantang-hantung hantigong mah henteu salah.
Ari ruhani anu sipatna metafisik sering dianggap énténg tur dinomer sapuluhkeun. Ésénsi jeung substansi ibadah shaum malah dimomorékeun. Anu ahirna kagindingan poé lebaran téh henteu dibarengan ku kagindingan amal, ahlak jeung budi pekerti. Ieu pisan anu nyababkeun shaum romadhon ngan jadi ibadah rutin taunan anu teu aya tatapakanana katut tapakna.
Sajarah geus nadeskeun ka urang yén hiji ummat anu bisa hudang tur ajeg, maju tur cemerlang peradabanna, nyaéta kusabab pribadi-pribadi maranéhna ngabogaan jiwa anu kuat, tekad anu buleud, cita-cita anu luhur, ahlak anu pinuji, perjalanan hirup anu mulya, silih ajénan diantara maranéhna jeung kulawargana. Maranéhna ngajauhan hal-hal anu ngarusak, pagawéan-pagawéan hina jeung goréng, henteu ngalajur napsu henteu ngumbar sagala kahayang tur ngajauhan tina kajahilan.
(SALENGKEPNA AOS DI BINA DA'WAH EDISI 379/OKTOBER 2011)